Selasa, 10 Mei 2011

waktu numutkeun hanacaraka

Aksara sunda atanapi di sebut oge cacarakan teh ngandung hartos anu seueur kacida upami di tengetan, Salah sawiosna ngenaan bgian waktos anu tos kaalaman sareng bakal ka sorang ku urang sunda khususna , umumna bangsa indonesia, Ieu anu bade di bahas teh kenging ngobrol sareng sepuh anu tos seueur luangna tapi ieu bahasan teh tiasa di percanten atanapi heunteu, teu langkung anu maos. 
Ha = Zaman hindu nyaeta waktos bangsa urang di pangaruhan ku budaya Hindu, nyaeta ti mimiti bangsa urang ngawitan aya bungkleukan sajarah nyaeta ti ngawitan zaman Tarumanagara dugi ka waktos bangsa urang di jajah ku Belanda
Na= Zaman Nederland nyaeta zaman atanapi waktos bangsa urang dijajah ku Nederland (Belanda) dugi Ka Zaman Jepang
Ca= Tina Cina/Jepang (Margi Sarumpun) nyaeta zaman bangsa urang di jajah ku jepang dugi ka merdeka tanggal 17 Agustus 1945
Ra= Nyaeta zaman Republik ngawitan ti proklamasi dugi ka zaman PKI
Ka= Nyaeta zaman atanapi waktos bangsa Urang di kawasa Ku Komunis, salajengna.
Da= Nyaeta waktos Gorombolan DI/TII ngawasa atanapi nimbulkeun karuksakan di Urang.
Ta= Tina Tentara nyaeta waktos Tentara (Orde Baru) Ngawasa di Nagara Urang dugi ka Zaman Repormasi
Sa= Tina Swasta, Saparantos zaman orba di lajengkeun ku orde Repormasi nya nu ngawasa di bangsa urang teh pihak Swasta. Salajengna.
Wa= Tina Waliyuloh, tah ieu saleresna zaman kaemasan dimana dina zaman ieu hukum Alloh dilaksanakeun dina pirang-pirang hal, boh dina muamalah atanapi anu sanesna . dina zaman ieu bangsa urang mendakan hartos kamerdekaan anu saleresna bebas tina sagala rupi penjajahan anu saleresna. Dina jaman ieu sagala kamajuan ka hontal ku bangsa urang, margi hukum di terapkan sakumaha kuduna moal aya nu salah teu pupuguh keuna ku hukum komo dugi ka di buina mah.Zaman/waktos anu sapengkereun zaman waliyuloh  bangsa urang teh kenging di sebatkeun teu acan merdeka anu sagemblengna margi seueur gangguan sareng di kawasa ku bangsa deungeun, salajengna .
La= latus anu hartosna zaman akhir atanapi kaancuran tiasa oge disebut kiamat. 
tah sakitu bahasan ngeunaan cacarakan numutkeun anu kapendak ku sim kuring!

Tidak ada komentar: